pangeling-ngeling ti Pangersa Guru Almarhum, Syaikh Abdullah
Mubarok bin Nur Muhammad, panglinggihan di Patapan Suryalaya
Kajembaran Rahmaniah. Dawuhanana khusus kangge ka sadaya murid-murid
pameget, istri, sepuh, anom, muga-muga sing ginanjar kawilujengan,
masing-masing rahayu sapapanjangna, ulah aya kebengkahan jeung
sadayana.
Oge nu jadi Papayung Nagara sina tambih kamulyaananan, kaagunganana
tiasa nagtayungan ka sadaya abdi-abdina, ngauban ka sadaya rakyatna
dipaparin karaharjaan, kajembaran, kani’matan ku Gusti Nu Maha Suci
dlohir bathin.
Jeungna sim kuring nu jadi pananyaan Thariqah Qadiriyah
Naqsabandiyah, ngahaturkeun kagegelan wasiat ka sadaya murid-murid
poma sing hade-hade dina sagala laku lampah, ulah aya carekeun Agama
jeung Nagara.
Eta dua-duanana kawulaan sapantesna samistina, kudu kitu manusa anu
tetep cicing dina kaimanan, tegesna tiasa ngawujudkeun karumasaan
terhadep agama jeung nagara ta’at ka Hadorot Ilahi nu ngabuktikeun
parentah dina agama jeung nagara.
Inget sakabeh murid-murid, ulah kabaud ku pangwujuk napsu, kagendam
ku panggoda syetan, sina awas kana jalan anu matak mengparkeun kana
parentah agama jeung nagara sina telik kana diri bisi katarik ku iblis
anu nyelipkeun dina bathin urang sarerea.
Anggurmah buktikeun kahadean sina medal tina kasucian :
Kahiji :
ka saluhureun ulah nanduk boh saluhureun harkatna atawa
darajatna, boh dina kabogana estu kudu luyu akur jeung batur-batur.
Kadua :
ka sasama tegesna ka papantaran urang dina sagala-galana ulah
rek pasea, sabalikna kudu rendah babarengan dina enggoning
ngalakukeun parentah agama jeung nagara, ulah jadi pacogregan
pacengkadan, bisi kaasup kana pangandika :Adzabun alim”, anu
hartina jadi pilara salawasna, tidunya nepi ka akherat (badan payah
ati susuah)
Katilu :
Ka sahandapeun ulah hayang ngahina atawa nyieun deleka culika,
hentau daek ngajenan, sabalikna kudu heman, kalawan karidloan malar
senang rasana gumbira atina, ulah sina ngarasa reuwas jeung giras,
rasa kapapas mamaras, anggur ditungtun dituyun ku nasehatr anu
lemah lembut, nu matak nimbulkeun nurut, bisa napak dina jalan
kahadean.
Kaopat :
Kanu pakir jeung miskin kudu welas asih someah, tur budi
beresih, sarta daek mere maweh, ngayatakeun hate urang sareh. Geura
rasakeun awak urang sorangan kacida ngerikna ati ari dina
kakurangan. Anu matak ulah rek kajongjonan ngeunah dewek henteu
lian, da pakir miskin teh lain kahayangna sorangan, estu kadaring
Pangeran.
Tah kitu pigeusaneun manusa anu pinuh karumasaan, sanajan jeung
sejen bangsa, sabab tungal turunan ti Nabi Adam a s. Numutkeun ayat
70 surat Isro anu pisundaeunana kieu : “ Kacida ngamulyakeunana Kami
ka turunan Adam, jeung Kami nyebarkeun sakabeh daratan oge lautan,
jeung ngarijkian Kami ka maranehanana, anu aya di darat jeung lautan,
jeung Kami ngutamakeun ka maranehanana, malah leuwih utama ti
mahkluk anu sejenna.”
Jadi harti ieu ayat nyaeta akur jeung batur-batur ulah aya kuciwana, nurutkeun ayat tina surat Almaidah anu Sundana.
“Kudu silih tulungan jeung batur dina enggoning kahadean jeung
katakwaan terhadep agama jeung nagara, soson-soson ngalampahkeunana,
sabalikna ulah silsih tulungan kana jalan perdosaan jeung permusuhan
terhadep parentah agama jeung nagara.”
Ari sebagi agama, saagamana-saagamana, nurutkeun surat Alkafirun
ayat 6: “agama anjeun keur anjeun, agama kuring keur kuring”, surahna
ulah jadi papaseaan “ kudu akur jeung batur-batur tapi ulah campur
baur”.
Geuning dawuhan sepuh baheula “ Sina logor dina liang jarum, ulah
sereg di buana”. Lamun urangna henteu kitu tangtu hanjakal diakhirna.
Karana anu matak tugeunah terhadep badan urang masing-masing eta teh
tapak amal perbuatanana. Dina surat Annahli ayat 112 diuynggelkeun
anu kieu :
“Gusti Allah geus maparing conto pirang-pirang tempat, boh
kampungna atawa desana atawa nagarana, anu dina eta tempat nuju aman
sentosa, gemah ripah loh jinawi, aki-kari pendudukna (nu
nyicinganana) teu narima kana ni’mat ti Pangeran, maka tuluy bae dina
eta tempat kalaparan, loba kasusah, loba karisi jeung sajabana, kitu
teh samata-mata pagawean maranehanana”.
Ku lantaran kitu sakabeh murid-murid kudu arapik tilik jeung
pamilih, dina nyiar jalan kahadean lahir bathin dunya akherat sangkan
ngeunah nyawa betah jasad, ulah jadi kabengkahan anu disuprih
“cageur bageur”.
Teu aya lian pagawean urang sarerea Thariqah Qadiriyah Naqsabandiyah
amalkeun kalawan enya-enya keur ngahontal sagala kahadean dlohir
bathin, keur nyingkahan sagala kagorengan dlohir bathin, anu ngeunaan
ka jasad utama nyawa, anu dirungrung ku pangwujuk napsu, digoda ku
dayana setan. Ieu wasiat kudu dilaksanakaeun ku sadaya murid-murid,
supaya jadi kasalametan dunya rawuh akherat.
Patapan4 Suryalaya, 13 Februari 1956
Ieu Wasiat kahatur ka sadaya akhli-akhli
(KH.A Shohibulwafa Tajul Arifin)
RANGGEUYAM MUTIARA
Ulah ngewa ka ulama sajaman
Ulah nyalahkeun kana pangajaran batur
Ulah mariksa murid batur
Ulah medal sila upama kapanah
Kudu asih ka jalma nu mikangewa ka maneh

Tidak ada komentar:
Posting Komentar